The Best Stories And Sciens Was Here...!!!

"Peuyeum Bandung"ngelehkeun "baso malang" dengan skor 3-2

persib vs arema

Persib bandung keur bener maenna kamari mah lawan arema cronus,makana urang sugema ningali kamari nempo maenna jeung geuning alus pisan hasil akhirna,persib bandung bisa meunang 3-2 ti tim "baso malang."

Persib bandung pantes nuhunkeun ka pemain urang soreang bandung tantan,anu maenna sore kamari alus pisan.Ngotona jeung adu sprin-na gelo pisan,ngahawuntahkeun pertahanan arema anu dikawal ku si meiga.Tantan anu buled pangawakan nana jeung lumpat tarikna,bisa naklukeun pamaen tukang arema anu terkenal pangkuatna pertahanan di liga indonesia.kukituna dua kali assist tantan bisa ngajadikeun gul ku kang firman jeung si makan konate.

Arema crounus katempona geus jumawa di panghujung babak kahiji,dimana bisa ngasupkeun bola ka gawang kang i made wiryawan saloba 2 gul tanpa balas,eta we diruang ganti cenah,maranehna teh guyonan,lamun balik ka malang,urang ngaborong "peuyeum bandung" jang dibagikeun ka aremania.Tapi da heueuh geningan ari boal mah buleud,kalah ka medok geuning di babak kadua.

Pa haji umuh katingal pisan bagjana,ningali persib bisa ngelehkeun tim "baso malang" dina sore kamari.kumaha teu bagja coba,pak haji rela begadang mikiran naon bonus anu rek dibikeun ka persib lamun persib bisa meunang ti tim julukan "baso malang".Cenah mah ceuk jurig anu teu katempo,pa haji rek mere mobil hiji ewang ka setiap pamaen persib lamun bisa ngelehkeun arema cronus.Trus cenah jang bobotoh anu geus mere dukungan ka stadion digratiskeun "baso malang" anu aya di sapanjang jalan kopo.

wah,,,wah,,,,gelo pisan nya ari kitu mah.Tapi da urang mah percaya,karena urang oge ti soreang bandung,moal aya tiduna ngenahna peuyeum bandung dielehkeun ku gurihna baso malang.Sok cobaan ku maraneh sadaya geura....hhehehehe...

Ah,pararunteun yeuh,uing keur rada teu waras,maklum bungah pisan nenjo persib vs arema anu hasilna alus keur persib bandung.Aing boboth persib,jadi nya carana kieu yeuh nulis anu rada teu pararuguh,tadina mah rek sambil diajar nulis bahasa sunda tapi geuningan hese nya.Salut ka penyiar TV BANDUNG anu bisaan baca bahasa sunda jeung nulis artikel beritana,,,hehehee

Pokokna persib bandung meunang lah,hapunteun nya bilih dina bahasa artikel ieu aya basa anu teu merenah,sing loba hampurana ka sim aing......salam ka pamain persib kabeh,ka managemen,sareng ka kang jajang nurjaman sareng ka pak haji umuh,,,,,,,abdi kamari tiasa sare tibra pisan....!!! sok sing meunangterus geura,suapaya abdi tiasa bobo tibra,ari karunya ka abdi bobotoh mah........ngeunah pisan ni
ngal persib vs arema

Tag : 0pini
0 Komentar untuk ""Peuyeum Bandung"ngelehkeun "baso malang" dengan skor 3-2"

Back To Top